Cenah urang Sunda mah teu bisa leupas tina heureuy, sabab eta teh geus jadi sakulit sadaging. Lain urang Sunda mun teu bisa heureuy. Di mana wae, dina kasempetan kumaha wae, pasti aya heureuyna. Nepi ka ayeuna kuring teu nyaho, ku naon pangna kitu.
Dina dunya lawak nasional, pangaruh heureuy Sunda teu bisa dilalaworakeun. Sebut wae upamana grup lawak de Bodor (Abah Us us saparakanca) atawa de Kabayan (Kang Ibing saparakanca). Maranehanana bisa disebut panaratas dina ngawanohkeun kasundaan sacara nasional. Mun teu salah, De Kabayan lahir tina acara bobodoran di radio Mara Bandung. Malah nepi ka kiwari, Kang Ibing jeung Aom Kusman, dua di antara personil De Kabayan, masih pirajeunan siaran di Radio Mara.
Taun 90-an, grup bodor Sunda kungsi nyirorot pamorna, kasilih ku Srimulat, bobodoran dina nuansa Jawa. Mahabu malah, nepi ka acara-acara bodor atawa lawak dina TV didominasi ku Srimulat atawa para anggotana sacara pribadi.
Basa Srimulat mimiti nyirorot pamorna, grup bodor Sunda nguniang deui. Upamana bae grup P Project, nu sanajan ngaranna make basa Inggris, tapi bobodoranana tetep nyoko dina bobodoran Sunda nuansa modern. Idiom-idiom Sunda mimiti akrab dina pentas bodor nasional. Grup anu tadina dingaranan Padhyangan ieu oge asalna tina acara bobodoran di radio Oz Bandung, Ozerba. Personilna campuran mahasiswa Unpad jeung Unpar. Sering manggung di kampus kampus di
Kabehdieunakeun aya acara Extravaganza di Trans TV. Pamaenna didominasi ku urang Sunda. Beda ti kalolobaanana grup lawak saperti Srimulat upamana, extravaganza ngandelkeun script tur teu kaci loba teuing improvisasi. Ku sabab loba urang Sundana, grup atawa acara ieu oge karasa pisan nuansa Sundana.
Basa TPI ngayakeun Lomba Lawak API (Audisi Pelawak
Mun nengetan hal-hal anu ditataan di luhur, asa teu salah mun urang ngarasa reueus. Urang Sunda, leupas tina sagala kahengkeranana, tetep mibanda potensi anu teu bisa dilalaworakeun. Buktina maranehanan bisa kitu teh salah sahujuna ku sabab teu era ngasongkeun konsep anu nyoko dina ajeg-ajeg kasundaan. Idiom idiom ekspresi kasundaan nu dikahareupkeun ku maranehanana tetela geus jadi ciri nu mandiri, tur dipikaresep lain ku urang Sunda wungkul.
Lamun dina dunya hiburan (dina hal ieu: lawak) urang Sunda bisa nembongkeun 'sihung', asa piraku mun dina ambahan sejen urang teu bisa kitu. Nu penting kudu aya kasadaran ti urang salaku urang Sunda, ulah nepi ka era nembongkeun jatidiri kasundaan. Tong era ngaku urang Sunda, tong era nyarita ku basa Sunda, tong era nembongkeun yen urang mibanda jatidiri kasundaan.
Mun urang boga budak, ajak nyarita ku basa Sunda, wawuhkeun kana budaya Sunda. Ulah ngarasa reueus mun anak urang palahak-polohok teu ngarti basana sorangan: Basa Sunda. Kudu hariwang mun anak urang kerung ngadenge kacapi suling. Atik maranehanana sangkan ngimpi ge mun bisa mah ku basa Sunda. Ulah ngan ukur nyalahkeun pangaruh budaya deungeun nu mahabu bari jeung euweuh tarekah ti urang pribadi pikeun ngadadasaran kulawarga sangkan panceg dina ajeg-ajeg kasundaan. Mun kabeh urang Sunda boga niat ngamumule budaya Sunda tur ngamimitian jeung prakna di lingkungan kulawargana, insya Alloh urang Sunda teh moal pareumeun obor. Mudah-mudahan.
19 Januari 2009
Heureuy Sunda
tabuh
17.55
tempatna di
lembur kuring
Langganan:
Posting Komentar (Atom)

aylop sunda heuheu
BalasHapus